Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

SILOKA ELMU SUNDA - KIRIMAN TI PUN GURU

Al-IshlahKIRIMAN TI PUN GURU - SILOKA ELMU SUNDA





Elmu Sunda Wiwitan luhung ka bina-bina, anu atra ku balarea ka impleng aya lima elmu karuhun :

Ka 1. Elmu Saepi

ka 2. Elmu napak sancang

ka 3. Elmu teu teurak di kadek atawa di tembak (kebal)

Ka 4. Elmu Rawa Rontek

Ka 5. Elmu Halimunan


LIMA ELMU IEU baheula ku karuhun-karuhun sunda wiwitan. jadi bener-bener dibeuli ku PUASA jeung amaliyah

Jaman ayeuna geus langka anu baroga elmu kieu teh, loba disibukeun neangan khaliyah dunya.

ngan elmu ieu teh bisa diperenahkeun sareng disampurnakeun kana ageuman ajaran ISLAM sapertos :

- Elmu saepi lain kudu bisa ngapung,

tapi kudu bisa Saepikiran atanapi sae emutanana, sareng hade hate kapada saha bae.

- Elmu napak sancang

lain kudu bisa lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak ka sagala golongan jadi silaturahmi jalan jeung saha bae ummat manusa sajagat raya.

- Elmu Teu teurak di kadek atawa di tembak

lain kudu teu teurak di kadek atawa di tembak ku pestol atawa bedil, tapi kudu boga jeung kuat pamadegan sorangan, boh dina mayunan ujian sapertos cacian, makian, ejekan, cemo'ohan, hinaan, jeng fitnahan Urang teu teurak atanapi teu tembus di pengaruhan kagorengan ku saha wae.


- Elmu Rawa rontek..

lain kudu bisa di kadek nyambung deui, tapi kudu bisa ngahijikeun dulur2 atawa saha wae anu pegat silaturahmina lantaran aya papaseaan dstna, jadi bisa dihijikeun deui ku tali cinta asihna Allah SWT nyaeta Rohman jeng Rohim-Na Ku jalan Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, Silih Wangian ka sakumna mahluk Alloh nu aya dihamparan jagad ieu

- Elmu Halimunan

Lain kudu bisa ngaleungit, tapi kudu bisa nyumput buni dinu caang, khususon dina amal ibadahna.

Tong nyaho batur mah, supaya teu riya.

Lantaran riya teh cikal bakal ujub terus takabur anu akhirna kufur. Jelema kufur dimusuhan ku ALLAH SWT kalayan RASULULLAH SAW.



PAMUGI TIASA NGAJALANKEUN LIMA ELMU LUHUNG SUNDA DINA ISLAM ANU ISTIQAMAH AMAL IBADAHNA, AMAL SHALEH ANU NGAWANGUN AKHLAQUL KARIMAH. OLEH-OLEH TI KASEPUHAN SUNDA

Posting Komentar untuk "SILOKA ELMU SUNDA - KIRIMAN TI PUN GURU "