Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Piwuruk Sepuh - Bahasa Sunda

Al-Ishlah │ Piwuruk Sepuh



Dina awak sakujur teh aya dua unsur, nyaeta : jasmani jeung ruhani.. 

Dina bahasa sunda aya kecap
JISIM KURING..
Jisim /jismun hartina Jasad, awak sakujur.
Kuring/Abdi nyaeta Ruhani

1.JISIM / jasad, bakal BILATUNGAN
2. KURING/RUH, bakal BALITUNGAN

Kumargi kitu kahade ulah hayoh wae ngalus-ngalus jasad, sakumaha geulis jeung kasep, da ujung-ujungna pasti BILATUNGAN.
Ulah poho ka KURING/ABDI, sabab eta nu bakal BALITUNGAN 

Riksa Diri, Raksa Awak.. ngarah salamet dunya aherat.

Baca artikel tentang TRUE STORY - Kisah nyata penggugah jiwa

Di tatar Sunda seueur siloka termasuk kecap SUNDA eta ngabogaan harti anu jero..

SUNDA teh ngandung harti NU NYUSUN DINA JERO DADA..
Anu kudu nyusun dina jero dada teh nyaeta kalimah :
لااله الا الله

jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti Aya 12 kawajiban, nyaeta 6 kawajiban bathin, 6 kawajiban dohir.
Kawajiban bathin nyaeta Rukun iman 6. Kawajiban dohir Rukun Islam 5 jeung Ikhsan 1.. Jadi jumlah 12. 

Lamun manusa geus Iman, Islam tur nepi kana Ikhsan.. ngarasa neuteup jeung di teuteup Ku Alloh, tangtu eta jalma boga rasa rumasa, salamet hirup jeung kahirupanana. .

Sabab teu aya deui cilaka nu pang gede gedena, iwal ti cilaka 12, nyaeta manusa nu geus teu percaya ka Alloh teu make Iman, Islam jeung Ihsan. Nu 12 huruf tadi .
لااله الاالله .
.
Mugi mangpaat kanggo sim kuring oge wargi sadayana

Sumber WA Grup

Baca juga Artikel Selanjutnya Hikmah Pagi - DERAJAT MANUSIA DITENTUKAN OLEH APA YANG DIKERJAKANNYA

Posting Komentar untuk "Piwuruk Sepuh - Bahasa Sunda"